Lopian Unpad
Lopian Unpad
Lopian Unpad
Dikokolakeun ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran.
Madjalah Warga
Majalah umum anu medal di Bogor. Awalna medal sapuluh poé sakali. Saterusna saminggu sakali. Saméméh eureun medal, kungsi ogé medal sabulan sakali. Warga anu dikokolakeun ku Nanie Sudarma téh kasohor ku eusina anu tandes ngabéla hak urang Sunda. Kungsi jadi palagan polemik ngeunaan hak hirup sajak dina sastra Sunda kurang leuwih sataun lilana. Salian ti tulisan-tulisan umum, ngamuatkeun ogé karangan dangding jeung carpon. Medal ti taun 1952 nepi ka 1964. Tina eusi majalahna leuwih neueul mélaan golongan Islam, disagédéngeun mélaan hak jeung kapentingan politik urang Sunda. Tulisan-tulisanana loba ngawartakeun ngeunaan gerakan kasundaan, kalawan mayeng remen ngamuat karangan-karangan Askawi (sandiasma Adeng S. Kusumawijaya) nu seukeut ngagambarkeun posisi sosial politik urang Sunda di lemburna sorangan nu kawilang teu nyugemakeun.
Nov 23, 2021
1 min
Madjalah Langensari
Majalah bulanan, kungsi ogé jadi tengah bulanan. Medal ku alpukahna CV Langensari, Bandung. Dikokolakeun ku T.S. Subary, dirédaksian ku Patah Nataprawira, R.M. Atmamiharja, Caraka, S.M.E. Permana, jeung Sunarya P.K.. Eusina leuwih ngutamakeun hiburan. Salah sahiji pangarang anu réa ngamuatkeun carpon dina ieu majalah nyaéta Caraka. Majalah Langensari leuwih ngutamakeun hiburan, utamana ngamuat carpon jeung carnyam, disagédéngeun ngamuat sajak jeung dangding. Muka lolongkrang pikeun para pangarang ngora alam harita, diantarana Min Resmana jeung Rahmat M. Sas. Karana. Mimiti medal taun 1962. Eureun medal taun 1968. Loba pangarang Sunda nu tuluy jadi pangarang moyan sabada karyana midang dina ieu majalah. Sababaraha buku petingan nu midang munggaran dina ieu majalah, di antarana karya-karya Caraka nu judulna "Sripanggung jeung Menak Baheula". Lian ti Caraka, Min Resmana ogé maneuh nyieun dongéng Si Kabayan dina unggal édisi, nu eusina nyindiran kahirupan masarakat dina mangsa harita, nu tuluy dikumpulkeun dina buku nu dijudulan "Si Kabayan Tapa".
Nov 23, 2021
1 min
Haji Hasan Mustapa: Bujangga Sunda Taya Duana
Haji Hasan Mustapa (HHM) gumelar di Cikajang, Garut 3 Juni 1852 atawa 14 Sya'ban 1268 H. Ngantunkeun di Bandung, kaping 13 Januari 1930 atawa 12 Sya'ban 1348. Anjeunna téh ulama sakaligus bujangga Sunda ahir abad ka-19/awal abad ka-20.
Nov 23, 2021
2 min
Ajip Rosidi: Réprésentasi Manusa Sunda Kiwari
Ajip Rosidi gumelar di Jatiwangi, Jawa Barat tanggal 31 Januari 1938, tilar dunya di Magelang, 29 Juli 2020 dina umur 82 taun. Anjeunna téh budayawan, kritikus, jeung sastrawan moyan. Bandungan pedaran salajengna dina ieu podcast.
Nov 23, 2021
4 min
D.K. Ardiwinata: Nu Munggaran Nulis Novél Sunda
Daéng Kanduruan Ardiwinata gumelar di Bandung taun 1866; tilar dunya di Tasikmalaya taun 1947. Anjeunna nyaéta sastrawan, guru basa, ahli basa, salah saurang nu ngadegkeun tur pupuhu munggaran Paguyuban Pasundan, rédaktur Balé Pustaka, jeung pangarang roman modérn Sunda. Pedaran salajengna, mangga bandungan waé dina ieu podcast.
Nov 23, 2021
2 min
Madjalah Sari
Madjalah Sari parantos didokumentasikeun ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Unpad. Ka sugri nu peryogi maos, tiasa sumping langsung ka kantor PDPBS Unpad di Graha Soeria Atmadja Unpad (Perpustakaan lama Unpad) Jl. Dipati Ukur No. 46 Bandung. Sadayana tiasa diaksés haratis ku sakuma masarakat Sunda pikeun dimangpaatkeun kanggo rupa-rupa kapentingan, utamana kapentingan panalungtikan.
Nov 21, 2021
1 min
Poesaka Soenda
Poesaka Soenda parantos didokumentasikeun ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Unpad. Ka sugri nu peryogi maos, tiasa sumping langsung ka kantor PDPBS Unpad di Graha Soeria Atmadja Unpad (Perpustakaan lama Unpad) Jl. Dipati Ukur No. 46 Bandung. Sadayana tiasa diaksés haratis ku sakuma masarakat Sunda pikeun dimangpaatkeun kanggo rupa-rupa kapentingan, utamana kapentingan panalungtikan.
Nov 21, 2021
1 min
Madjalah Handjuang
Madjalah Handjuang parantos didokumentasikeun ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Unpad. Ka sugri nu peryogi maos, tiasa sumping langsung ka kantor PDPBS Unpad di Graha Soeria Atmadja Unpad (Perpustakaan lama Unpad) Jl. Dipati Ukur No. 46 Bandung. Sadayana tiasa diaksés haratis ku sakuma masarakat Sunda pikeun dimangpaatkeun kanggo rupa-rupa kapentingan, utamana kapentingan panalungtikan.
Nov 21, 2021
52 sec
Madjalah Kaboedajan Oerang
Madjalah Kaboedajan Oerang parantos didokumentasikeun ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Unpad. Ka sugri nu peryogi maos, tiasa sumping langsung ka kantor PDPBS Unpad di Graha Soeria Atmadja Unpad (Perpustakaan lama Unpad) Jl. Dipati Ukur No. 46 Bandung. Sadayana tiasa diaksés haratis ku sakuma masarakat Sunda pikeun dimangpaatkeun kanggo rupa-rupa kapentingan, utamana kapentingan panalungtikan.
Nov 21, 2021
1 min
Koran Kudjang
Koran Kudjang kiwari parantos didokumentasikeun ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Unpad. Ka sugri nu peryogi maos, tiasa sumping langsung ka kantor PDPBS Unpad di Graha Soeria Atmadja Unpad (Perpustakaan lama Unpad) Jl. Dipati Ukur No. 46 Bandung. Sadayana tiasa diaksés haratis ku sakuma masarakat Sunda pikeun dimangpaatkeun kanggo rupa-rupa kapentingan, utamana kapentingan panalungtikan.
Nov 21, 2021
1 min
Load more